Dongeng Sunda
Si kabayan ngalamun
mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan
sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari
ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler
dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh
di bawa kaimah de tembongkeun ka
pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna
red.)” ceuk pamajikan si kabayan.
“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di
pegarkeun, di pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si
kabayan. ti dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing
rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek
ngisikan di pancuran.
si kabayan cingogo di harudum sarung bari
nyanghareupan endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh,
ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti
ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar
deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan
jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki
loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna
di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana
di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan,
aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog
ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan,
tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun
ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah
kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal
si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna
kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh
kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh
gantian, mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh
bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si
kabayan ngajak balik kapamajikanana. mitohana
gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana,
tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan
atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina
sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.
“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu
kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna
ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog
aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati
domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak
sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu
jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina
palupuh kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh
kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi
ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong,
sikabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna
kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna
tipalitek, untung teu maot oge.
ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal
kalapa…..
Komentar
Posting Komentar